skip to main | skip to sidebar

Obat Skizofrenia

  • Entries (RSS)
  • Comments (RSS)
  • Home
  • About Us
  • Archives
  • Contact Us

Selasa, 12 Maret 2013

banyol

Diposting oleh Al-Ashilah Dzaati Mudhahar di 21.07

“Senal pahili”
Sampurasuuunn..(jawab rampes atuh euy)
Dicaritakeun aya hiji keluarga nu ker ngayaken tahlilan. Rengrengan keluargana diondang piken ngilu ngadoaken uyut nu ges  40 poe tilar dunya. Sekitar satengah satengah opat (ba’da ashar) kum sakeluarga daratang kabeh. Dina sakabeh keluarga eta aya hiji “amang” nu ges aki-aki. Sebut we mang Juned. Ringkes carita ustad nu diondang pikeun mandu tahlilan ngamimitian ngadua. Nu pikalucueun mah lain salila tahlilan kehed, Tapi ke balikna gera urang bere nyaho.
                Caritana mah tinggal doa terahir we nya ngarah teu lila teuing ngetik. Saur pa Ustad teh, “pibarkatin umul kuran alpatihah” (tong komen nya da urang sunda mah teu bias ngomong” f”). reong we sakabeh kulawarga nu aya dina hiji maqom eta maca patihah. Pas ditengah-tengah kalimat meren pas ayat iyeu gening, ”ihdina sirotolmustakin..”. ayat kasabaraha eta teh? Jawab atuh, budak UIN mah da palinter kan.
                Na eta mah ai gebret the hujan meni siga ditamploken tina saember, heueuh sakaligus maksudna the teu miripis hela. Tah eta teh jam satengah 5 mun teu salah mah d ages lila, meren ayeuna mah ka sambung ku tahlil 100 poean. (bae ngarah nyarita deui ah) kabeneran poe harita the persib  maen, nu kasaksian the ges gol euy telat ngahurungkeun tipi-na. da sugan the maen jam 7 harita teh.
                Eh naha kela, asa ngalr ngidul kuring nyarita teh. Punten nya juragan, uih deui ah kana nu bde dicariosken hehe. Nya caritana teh, “waladdooliin..,(aamiin)”. Rengse weh tahlilan teh. Sihoreng mang juned teh kirang awas socana, da angkat kadinyana ge dianterkeun ku incuna anu buncir bolotot+orongoh sakedik. Saur mang juned teh kanu sejen naros, “jang hujan iyeu the?” ujang,”muhun mang titadi tereh raat deui, telat atuh naros teh”. Kehed teh mang juned the nambahan ayeuna mah rada torek. Duh punten nya juragan kuring bahasana kadang loma kadang rada lemes, biasa edan eling hehehe.
                Lajeng mang juned, “duh kumaha nya abdi bade uih?”, alo-alona, “tos we mang sareng abdi mulihna”. Tah didideu ramena mah. Caritana the hujan raat persib ges meunang gening kabeneran 3-1. Nu nganteurkeun mang juned ka hareup teh aya 5 urangna meren da sigana mah nyaraahen nya. Ai pek mang juned rek disenal.
Cek alona nu hiji, “mang nu mana senalna?”
 mang juned,”eta nu reregean”
kapi adina, “iyeu lain kang?”
mang juned,”eh ai salira damang, kan kuring the teu awas”
kapi adina,” eh punten kang hilap, da akang bolotot wae siga nu ngambek ka abdi, yeuh atuh ragapan hiji-hiji we”
mang juned, “dina sakabeh nu diragap da teu aya senal nu abdi mah”
alona, “har ai amang, ai kadieu ngangge senal teu tadi?”
mang juned, ”muhun ngangge, eta nu reregean semu abi monyet, capitna belang rantang”
eta 5 nu nganteur ka harep mang juned gogodeg kabeh, bari karerung siga karung tarigu nu ges satau dikeueum na balong we, silih pelong jeung nu sejen nu can kacaritakeun kuring ge kaasup dina 5an eta. Mun ningali langsung mah leuwih siga seusueheun beungeut-beungeutna teh.
Ges we ceuk kuring the bari rada ngaharewos tarik kanu sejen, “ges we bikeun eta senal nu warnana belang batu, nu aya cucukan (eta senal rematik gening, tapi teung nu saha da eweuh nu ngaku).
Kuring, “mang angge we nu iyeu, da sami reregean amang hilap deui meren, bener nu iyeu yakin abi mah”
Mang juned the percaya gening ka kuring hahaha. Mang juned, “muhun atuh jang wios we nu iyeu”. Beuuuuhhh percaya sih percaya tapi..
Mang juned,”duh punten nya kasadayana tos ngarisikeun we” tah ngomong kitu the bari jeung tibalik senal jang nu kenca dipake dikatuhu. Etamah kompak limaan ngomong kieu,” LEPAAT” karunya eta mah mang juned rada tarik ngagebeg, sigana mah rada ngarempod da B***na. alo nu katilu mang laankeu senalna bari nukeurkeun tempatna senal ngara merenah, ”lepat mang tea mah kanggo cokor nu kiwa”, rada jengkel meren. Da eta nu limaan rada taakeun ngan masalah senal ge nyarita meni loba kieu. Da atuh barodo gera ngahilikeun senal ai senal katuhu dicekel ku  mang juned, paduan sora deui yeuh, “LEPAAAAAT”. Naha angger keneh wae senalna dipakena tibalik geura etamah digolerkeun we saeutik bari rada nangkarak, karunya oge da rada ngageledug sirah mang juned teh. Eta mah disenalan we kusararea. Eta mah maang juned kokoceakan siga piit dileugeutan. Paduan sora deui,”TAT ETA LEREEES”. Meni kompaknya keluarga teh, keprok hela sakedik barudak.
                Tung-tungna mah teu sakara-kara bakat kulila nyenalan mang juned, torojol budak buncir incuna tea nu rada orongoh ngagerewek siga cak-cak. Bari lumpat ngiciprit ridu ku beutung nu buyahyeh siga burayot (tuangeun urang sunda tina ketan campur gula beureum tos dicampur teras digoreng). Budak buncir, “kiiiiii akiiii, akiii, hayu uih” bari mamawa senal. Eh heueuh gening eta senal nu semu warna abu monyet belang rantang teh. Borokokok the sihoreng dibawa ku incuna majar the, “da ngarah teu miheulaan uih akina, abi ngising hela dipacilingan aki ilin.
Yey meni geje, hana hese-hese nyenalan aki-aki keblekesek teh.
Rengse..

Caita iyeu ngan sakur piktip hungkul, mun aya ngaran nu sarua. Eta mah rumasaan we jelemana. Iyeu mah hiburan we nya. Amit mungkur hehe

By: Galih Rizki S.P
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

0 komentar:

Posting Komentar

Posting Lama Beranda
Langganan: Posting Komentar (Atom)

Sponsored

  • banners
  • banners
  • banners
  • banners

Blog Archive

  • ▼  2013 (1)
    • ▼  Maret (1)
      • banyol
  • ►  2012 (9)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  Juli (3)
    • ►  Mei (3)
    • ►  April (1)
    • ►  Maret (1)

Followers

Galih Rizki Sunandy Putra. Diberdayakan oleh Blogger.

Ads 468x60px

Popular Posts

  • EMOSI MENURUT AL-QUR’ÂN
    EMOSI MENURUT AL-QUR’ÂN Pendahuluan Suatu hal niscaya dalam kehidupan manusia adalah fakta tentang sikap dan perilaku...
  • Teori Relasi Objek
    Di dalam psikologi, tentunya membahas tentang hubungan antara individu dengan individu lainnya yang tidak akan pernah terpisahkan selama hid...
  • (tanpa judul)
    insya Allah (Arabic Version) Album : Thank you Allah Munsyid : Maher Zain لو في يوم كان الحمل عليك تقيل وتايه لوحدك مش لاقي دليل واله...
  • emosi
    EMOSI DALAM PERSPEKTIF ISLAM Hikmah Allah SWT menuntut agar manusia, demikian pula hewan, membekali diri dengan berbagai emosi yang...
  • (tanpa judul)
    Kalender Akademik Update : Jumat,18-Mei-2012 (07:14:44) Kalender Akademik 2012/2013 1. 04 - 28 Juni 2012, Pendaftaran Ujian Masuk 2. 10...
  • (tanpa judul)
    Ya Nabi Salam Alayka Turkish Gönüllerde hasretin var Yürekler aşkınla çarpar Sensiz dünya bizlere dar Selam sana ey kutlu yar Y...
  • aksara sunda
    bahasa sunda milik kita bersama
  • Tugas uts tafsir tematik
    1.   Apa yang saudara ketahui dengan tafsir? Mengapa mahsiswa psikologi harus mempelajari tafsir? Coba saudara uraikan bagaimana urgensi...
  • banyol
  • (tanpa judul)
    Kisah uang 1,000 dan 100,000 (Cerita ini sekedar intermezzo aja, semoga bermanfaat bagi kita semua) Uang Rp.1000 dan Rp 100.000...

Mengenai Saya

Foto saya
Al-Ashilah Dzaati Mudhahar
manusia yang sempurna adalah berdasarkan keadaan hati dan jiwanya, dan menjadi manusia yang bermanfaat untuk orang banya adalah yang terbaik
Lihat profil lengkapku

Sahabat

Follow Now......!

Blog Archive

  • ▼  2013 (1)
    • ▼  Maret (1)
      • banyol
  • ►  2012 (9)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  Juli (3)
    • ►  Mei (3)
    • ►  April (1)
    • ►  Maret (1)

Featured Posts Coolbthemes

 

© 2010 My Web Blog
designed by DT Website Templates | Bloggerized by Agus Ramadhani | Zoomtemplate.com